Naon Nu Bisa Diharepkeun Tina Sagalana?

Dokumen ilustrasi hidayatullah.com

Oleh : Ustadz A. Maman R


Ti suksruk ti dungdung hulu dijieun suku, suku dijieun hulu, ditarekahan beurang jeung peuting, nepi ka beak dengkak ceuk paribasana.

Tunggul dirarud carang direumpak geus teu paduli halal jeung haram, dapon laksana sagala nu dipikahayang. 

Bibintih kanu leutik, sisiku babadug nepi ka babadog rarampog ngarampogan hak deungeun deungeun.

Kandel kulit beungeut leungit ka era, meunteugeug  geus teu  teurak ku nasehat. Hate bangkeurak lir teuasna batu malahan leuwih teuas alahbatan batu, ngarasa asyaddu quwwah.

Sihung lir sihung maung, ranggaek ku tanduk jadi gunung pananggeuhan pikeun ngawasa kumawasa, nandasa, ngarogahala, ngagunasika nu lemah. 

Teu euleum euleum mangpang meungpeung boga tanaga bedas, awak jagjag waringkas dibarung ku tahta jeung kakawasaan, disumbuan ku sumbu hawa nafsu nu ngagedur ku katakaburan jeung kasarakahan perbawa talajak setan.

Naha teu kabaca  ku silaing !

Kisah kisah nu tasih natrat dina lambaran lambaran sajarah Kitab Pepeling ; 

Kaifa kana 'aqibatul "Mukadzdzibin"

Kaifa kana 'aqibatul "Mujrimin"

Kaifa kana 'aqibatul "Mufsidin"

Kaifa kana aqibatul "Addholimin"

Kakawasaan, katakabburan, kadigjayaan, kadugalan,  kamewahan jeung kakayaan maranehna sakabehna ilang musnah tanpa karana.

Ayat ayat Quraniyyah kiwari dipintonkeun ku Alloh dina ayat ayat Kauniyyah. Nagri Adidaya jeung Adikuwasa jadi  pieunteungeun, sarta jadi pepeling yen moal aya kakuatan anu leuwih kuat batan kakuatan Alloh Nu Maha Gagah sarta Maha Perkasa.

"LAA HAULA WALAA QUWWATA ILLA BILLAAH, ANNAL QUWWATA LILLAAHI JAMIIAN"

INNA 'ADZAABII LASYADIID !

INNA 'ADZAABII LASYADIID !

INNA 'ADZAABII LASYADIID !


Posting Komentar untuk " Naon Nu Bisa Diharepkeun Tina Sagalana?"