Naon Nu Kudu Dipilampah

Ilustrasi google.com

Oleh : Ustadz A. Maman R

Cenah  urang  Sunda mah beunghar ku basa, aya basa Kirata, basa Wewengkon jeung sajabana. 

Basa Wewengkon, basa nu aya di hiji daerah anu  berlaku di daerah eta wungkul sarta ngabogaan harti di daerah nu sejen. Contona siga "jojodog" di Bandung, di Banten "didingklik". Jojodog di Banten hartina "bebegig sawah" di Bandung.

Basa Panganteb, nu hese dihartikeun ku bada sejen. Contona ;  "berebet" lumpat, "gek" diuk, "jung" nangtung, "clom"kunyunyud. 

Berebet, gek, jung, clom ngan aya dina basa Sunda wungkul.

Kitu deui basa Kirata nyaeta basa "nu dikira kira tapi nyata", dikira kira tapi dina kanyataanana bener. Basa Kirata disusun dina kalimat singgetan, contona ; Comro, oncom di jero. Misro, amis di jero. Korsi, cokorna disisi. 

Dina basa Sunda "Manusa" kaasup basa Kirata, nyaeta "Mana Nu Sia". Lamun ditarjamahkeun ku basa Indonesia hartina "Mana kepunyaan kamu".

Diri sasampiran awak sasampayan, harta banda ukur titipan umur ukur gagaduhan, saliring liring gumadi sarengkak saparipolah teu ngaboga boga "La haula wala quwwata illa bilLah"

Geura urang lenyepan nu aya dina sakujur awak urang, ti mimiti nu aya di luhur sausap rambut nepi ka handap sahibas dampal. Mana nu boga urangna ? Teu saeutik eutik acan.

Mun buuk nu hideung boga sorangan tangtu moal diijinan pikeun robah jadi bodas, kulit nu leucir matak tiseledat laleur moal dibikeun karijut. 

Mana nu bisa dikoretkeun ?

Kulantaran sadayana kagungan Anjeunn, dedeg sampe rupa hade lain pesenan. Awak jagjag waringkas, sampurna taya cawadeun lain ku pangabisa sorangan.

 هُوَ ٱلَّذِی یُصَوِّرُكُمۡ فِی ٱلۡأَرۡحَامِ كَیۡفَ یَشَاۤءُۚ لَاۤ إِلَـٰهَ إِلَّا هُوَ ٱلۡعَزِیزُ ٱلۡحَكِیمُ 

Anjeunna nu maparin rupa maraneh dina kandungan  sapangersaNa. Taya deui Pangeran  anging Anjeunna, Nu Maha Gagah, Maha Wijaksana. [Surat Ali 'Imran: 6]

Maka naon nu kudu dipilampah, anging sumerah diri ka Anjeunna.

 قُلۡ إِنَّ صَلَاتِی وَنُسُكِی وَمَحۡیَایَ وَمَمَاتِی لِلَّهِ رَبِّ ٱلۡعَـٰلَمِینَ 
Pok caritajeun :"Saestuna solat kaula, ibadah kaula, hirup jeung pati kaula kagungan Alloh nu murbeng alam. [Surat Al-An'am: 162]

 إِنِّی وَجَّهۡتُ وَجۡهِیَ لِلَّذِی فَطَرَ ٱلسَّمَـٰوَ ٰ⁠تِ وَٱلۡأَرۡضَ حَنِیفࣰاۖ وَمَاۤ أَنَا۠ مِنَ ٱلۡمُشۡرِكِینَ 
Saenyana kaula madepkeun diri kaula sakujur ka Pangeran anu ngayugakeun langit katut bumi, kalawan ihlas, jeung kaula lain ti antara jalma jalma anu musyrik. [Surat Al-An'am: 79]

Posting Komentar untuk " Naon Nu Kudu Dipilampah"