Cinta Karana Alloh

Dokumen google.com
Oleh : Ustadz A. Maman Rahman

Ilustrasi.

Geus aya kana sapuluh taunna Bu Asih dipihukum ku  Pa Hasan tapi can aya kalangkang kalangna acan rek boga turunan, aya oge tilu budak  eta mah anak bawaan Bu Asih ti salakina nu ti heula, dua budak lalaki nu kahiji jeung nu kadua, sarta  budak bungsu awewe nu karek lulus ti madrasah Ibtidaiyah. 

Rumah tangga Pa Hasan jeung Bu Asih geus jadi sabiwir hiji jadi buah kacapangan, jadi tuladan jeung tuladeun boh keur nu ngarora atawa keur nu karolot. Rumah  tangga nu sakinah mawaddah wa rohmah, silih asah silih asuh silih pikadeudeuh tiis ceuli herang mata, tara kababejakeun aya pacogregan.

Ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak taya  pasalia paham, sarta salawasna  silih hargaan silih timbang timbang rasa dimana aya pasualan anu kudu disawalakeun.

Dina hiji waktu, Bu Asih wakca balaka ka salakina ngedalkeun sagala nu aya dina hatena. Kareueus, kasugemaan, kabagjaan jeung katengtremanana salila dipihukum ku Pa Hasan, ditamplokkeun dikedalkeun taya nu disumput salindungkeun, sacerewelena dibejer beaskeun ka salakina.

Bu Asih ngamimitian muka carita, pokna :"Pa, salami ibu dipiihukum ku bapa tos  kirang langkung kana sapuluh taunna ti kawitan urang ngadahup laki rabi sasarengan, Alhamdulillah aya dina kaayaan lungsur langsar teu aya halangan sareng harungan, kamargi kitu bawi raos dina waktos ayeuna  ibu peryogi wakca balaka ka bapa". 

Pa Hasan semu rada nu kaget pacampur jeung kapanasaranan, tuluy nanya ka ingkang garwa  :"Aya naon bu  ? tara tara ti sasari ibu nyarios bangun aya nu penting, asa kararaget bapa  mah”. Bu Asih ngawalon :"Leres pisan pa, nanging ibu neda dipunten, bilih cariosan ibu ngawagel emutan bapa". Bu Asih sakedapan ngarandeg, tuluy neruskeun caritaanana 

:"Alhamdulillah, ibu muji syukur ka Anjeunna Nu Maha Kawasa,  Nu Maha Agung, ibu sareng barudak dikersakeun ditepangkeun sareng bapa, hiji caroge nu pinuh ku kanyaah sareng kaasih anu henteu pilih kasih, janten  panutan kanggo ibu sareng barudak, anu landung kandungan laer aisan, wijaksana tur adil dina sagala rupi urusan". 

Pa Hasan, narik napas panjang, kataji kairut kapincut ku caritaan nu jadi ingkang garwa anu ngagambarkeun kana kasolehananana, handap asor netelakeun katawaduan nu jadi pamajikan ka salaki. 

Dina manah Pa Hasan aya katresna anu nyangkaruk dina kalbuna, kacinta tur kanyaah nu didadasaran karana Alloh samata mata, anjeunna nyanggem ka bojona : "Bu, sadaya anu ku bapa dilakonan ieu taya lian anging ku pituduh Rosul. 

Rosululloh parantos ngadawuh : "Satemenna sing saha jalma anu kaancikan ku tilu perkara, mangka tinangtu eta jalma bakal ngarasakeun amis tiisna iman. (Amis tiisna iman dina sagala rupa kahirupan, kalebet amis tiisna iman dina rumah tangga) nyaeta  "Sing saha jalma anu silih pikacinta sarta silih pikacintana eta karana Alloh samata mata, tinangtu eta jalma bakal ngarasakeun amis tiisna iman".

Rumah tangga anu di wangun dina dadasar agama jadi hiji kapastian ; sakinah mawaddah wa rohmah, sakumaha piwejang  Nabi Muhammad Saw .

نَكَحَ الْمَرْأَةَ لِأَرْبَعٍ: لِمَالِهَا وَلِحَسَبِهَا وَلِجَمَالِهَا وَلِدِينِهَا، فَاظْفَرْ بِذَاتِ الدِّينِ تَرِبَتْ يَدَاكَ**  
(Riwayat Bukhari, Muslim) 

Hiji istri ditikah lantaran ku opat perkara, lantaran hartana, kalungguhanana, kageulisanana jeung lantaran agamana. Mangka pilih istri nu ngapimilik agama, tinangtu maneh (bakal) bagja.

Ku sabab eta  bapa milih ibu jadi pibatureun pikeun ngaheuyeuk rumah tangga, lantaran ka taji ku kasolehan ibu, sarta bapa micinta ka ibu estu karana  Alloh Swt taya sabab nu lianna. Anak ibu anak bapa, kasenang ibu kasenang bapa, kasusah ibu kasusah bapa. Urang ngadu’a muga muga rumah tangga urang manjang nepi ka alam jaga, babarengan di syurga Anjeunna” Ceuk Pa Hasan mungkas carita. 

Bu Asih tungkul, tikoro mangseg nahan lisan nu teu bisa kedal, iwal ku reumbayna cimata kabungah, ngeclak sakeclak sakeclak lir ciibun janari nu maseuhan dangdaunan numawa hibar, hegar jeung pangharepan mapag kabagjaan.

Posting Komentar untuk "Cinta Karana Alloh"