Guru teh tuturus laku Lantera amal Tutunjuk Galur pidawuh Rosul Sangkan henteu kasasarlampah, henteu mengpar tina aturan, sarengkak
saparipolah Jadi ibadah ka Alloh Swt. Guru ngabuka lalangse hate Jadi cukang lantaran cacaang Lir meletekna srangenge Ti beulah wetan Nu nyingraykeun poek Jadi caang Nu nyapih berewit ati Tina susah kana kabungah Tinu toleh kana sholeh. Jadi tangkal darajat Ngabuah amal maslahat Panyimbeuh taneuh nu nyadas Lir sungapan cinyusu Herang ngagenclang Maseuhan taneuh Jadi lendo Ka guru ngagurah elmu Lir nimba sagara Nu ceuyah ku ciuyah Uyah keur mere rasa Peurih jadi peureuh Musibah jadi kafaroh dosa Ka susah jadi panguji Ngaronjatkeun ajen diri Anugerah jeung kalungguhan Nambah rasa sukur Ka Robbul Ghofur Pamulang tarima ka guru Hamo bisa kawales Sok sanajan ku barana dunya Elmu nu nyangkaruk dina sumsum Hamo bisa dipisahkeun Lir ibarat cisusu indung Nu nyaliara dina awak Nu jadi anak Kaikhlasan guru ngatik ngadidik Kaluar tina kaasih ati Anu sucitanpa pamrih Wening Lir ibarat ibun janari Anu ngeclak Mawa hegar tutuwuhan Kanggo guru Taya pangrekabasa Nu sarimbag satimbangan Kana jasa tur katulusan aranjeunna Teu aya anggitan Anu tiasa diukir dina tulisan Kana kajembaran manah aranjeunna Dina namplokkeun kanyaah Estu walatra Henteu cueut kanu hideung Henteu ponteng kanu koneng Kana sagala rupi kasaean aranjeunna, mung
tiasa manjatkeun du’a dipirig ku pameredih ka Gusti Nu Maha Suci. “Mugia
sagala rupi kasaean aranjeunna janten amal sholeh anu ditampi ku Alloh Swt,
janten shodaqoh jariyah tandeaneun
aranjeuna dialam anu pinuh ku kaberkahan”
Posting Komentar untuk "GURU"