![]() |
Sumber gambar dakwahdantarbiyah.com |
Oleh : Ustadz A. Maman R
Ngalelempeng Paniatan (1)
وَمَاۤ أُمِرُوۤا۟ إِلَّا لِیَعۡبُدُوا۟ ٱللَّهَ مُخۡلِصِینَ لَهُ ٱلدِّینَ حُنَفَاۤءَ وَیُقِیمُوا۟ ٱلصَّلَوٰةَ وَیُؤۡتُوا۟ ٱلزَّكَوٰةَۚ وَذَ ٰلِكَ دِینُ ٱلۡقَیِّمَةِ
Padahal matanehna teu ditimbalan salian supaya aribadah ka Alloh kalawan nga-IHLAS-keun agama karana Anjeunna sarta ngadegkeun sholat jeung nyumponan zakat, sabab eta teh agama nu lempeng.
[Surat Al-Bayyinah: 5]
Ngalelempeng Paniatan (2)
Cing caringcing pageuh kancing
Cing saringset pageuh iket
Kudu taki taki jeung ati ati, bisi aya iblis nyiliwuri nu rek nyisikudi ati jeung ngajejewet hate
Ngalelempeng Paniatan (3)
Kudu salawasna waspada kana talajak setan nu sok mindah rupa mancala putra mancala putri.
Nu sok ngahurungkeun ngadu ngadu raja wisuna sarta ngacak ngacak kayakinan jeung mengparkeun katauhidan.
Ngalelempeng Paniatan (4)
Ulah cul dogdog tinggal igel rerengkenekan teu pararuguh teu nincak jeung sora goong.
Jati ulah kasilih ku junti, katipu ku peundeuy nu meh sarimbag jeung rupa peuteuy.
Ulah salah panempo ku pedah sarua beureum, panyana rambutan horeng buah galinggem.
Ngalelempeng Paniatan (5)
Kalimatu haqqin urida bihal bathilu
migawe amal pisurgaeun horeng ngagebruskeun kana naraka.
Ngalelempeng Paniatan (6)
Cekel gondewa kalawan teteg sangkan jamparing teu mengkol ditengah jalan, anu antukna teu keuna kana sasaran.
Ulah haripeut ku teuteureuyeun bisi melag dina tikoro, moro julang ngaleupaskeun peusing, ngukur untung ku tungtung iwung.
Posting Komentar untuk "Ngalelempeng Paniatan"