Beuneur

 

Ilustrasi topmedia

Oleh : Ustadz A. Maman R

Enteng beuratna timbangan gumantung kana pangeusi, tegesna gumantung kana hapa beuneurna nu ditimbang. Kawas nimbang pare jeung huut sanajan sarua pada pada sakarung, tangtu beuratna moal bakal sarua.

Buah pare nu kaserang ku hama, tangtu bakal beda jeung buah pare anu henteu kaserang ku hama. 

Buah pare anu kaserang ku hama bakal hapa, sarta lamun dibandingkeun jeung buah pare nu teu kaserang ku hama tinangtu timbanganana bakal leuwih hampang.

Pon nyakitu deui dina ibadah saum, aya nu hasilna mucekil, lir ibarat hiji tangkal nu rindang, ngemploh hejo tur leubeut meuhpeuy rantuy ku buah matak reueus nu neuteup kataji ati nu ningali.

Saum nu ngabukti dina ahlakulkarimah nu nyumirat tina katakwaan, ngajirim dina budi pekerti nu kaluar tina ati nu suci, mikaasih kanu leutik mikanyaah ka sasama. Saum nu napak dina lengkah jeung lampah nu merenah sakumaha aturan Quran jeung Sunnah.

Lapar lain wungkul karasa ku beuteung lahir, tapi lapar nu mahing tina kasarakahan dunya.
Saum lain wungkul nahan halabhab lahir, tapi nyingkahan tina dahagana kahayang perbawa setan nu salawasna mawa kana kabinasaan.

Leuleusna awak parat kana kayakinan lemahna kakuatan batin di payunan Alloh Swt nu Maha Gagah, Maha Perkasa sarta Maha Kuat. Leuleusna awak mguatan kayakinan "Anna al-quwwata lilLahi jamii-'an".

Ngajaga mata, ceuli jeung lisan lain wungkul sacara lahiriyah, tapi panempo, pangdenge jeung pangucap nu kudu loyog sakumaka pangersa Anjeunna nu ngayugakeun, cindekna sangkan nakorrubkeun diri ka Mantenna.

Posting Komentar untuk "Beuneur"