Pon nyakitu deui nginum arak, judi atawa maling jeung ngabohong.
Henteu maling lain pedah teu boga
kasempetan, teu ngabohong lain pedah sieun katohyan.
Henteu ngadahar daging babi lain kusabab teu beuki, teu kabeuli atawa teu ngeunah, tapi kulantaran taat kana cegahan Alloh, sakumaha anu kaunggel dina Al-Quran surat Al-Maidah ayat 3
Sangu, pais lauk emas, rendang, gule,
lalab daun sampeu jeung sajabana, lain
kaasup dahareun anu diharamkeun ku agama, tegesna dahareun nu kaasup halal.
Sanajan aya nu tara ngadahar pais lauk emas, bisa jadi kulantaran teu beuki, lain lantaran ku haramna.
Tapi dina bulan romadlon, dina waktu
pabeubeurang, kunaon teu di dahar ?
Teu didahar lain ku teu beuki, teu hayang, seubeuh, atawa teu aya kasempetan, tapi lantaran taat kana cegahan Alloh, iman ka Alloh, iman ka rosulna jeung kana poe aherat.
Saum dina bulan romadlon ngadidik diri
pikeun jadi jalma nu taat ka Alloh jeung ka RosulNa. Taatna lain taat ukur
sausum.
Kataatan nu kudu ngabukti dina tiap saat, boh beurang atawa peutingna.
Kataatanana lain wungkul dina urusan dahar, nginum atawa sapatemon jeung bojo, tapi kataatan dina sagala perkara.
Luyu jeung loyog sakumaha dina watesan taqwa, nyaeta
Wiqooyatun Nafsi ‘anisy syirki wal
‘amaali s sayyiati wal muwaadloyati ‘ala l’amaalil hasanati.
***
Ustadz A. Maman R
Posting Komentar untuk "Kataatan"