Pare

Gabah mangrupakeun buah pare anu geus misah tina ranggeuyanana saba’da di gebot atawa diirik. Samemeh gabah bisa diolah jadi sangu atawa diliwet, aya dua tahapan anu kudu dipigawe.

Anu kahiji, gabah kudu dipisahkeun heula tina eusina nyaeta ku cara ditutu dina lisung atawa digiling. 

Kadua, ditapian pikeun misahkeun beas tina huut jeung beunyeur.

Katilu, memeh disangu atawa diliwet kudu diisikan heula pikeun ngabersihkeun huut anu lalembut anu masih narempel dina beas. 

Beas kudu papisah tina gabah jeung huut, lantaran lamun henteu papisah antara beas, gabah, beunyeur jeung huut bakal mangaruhan kana kualitas jeung rasana. 

Tah proses ieu minangka gambaran tina  anu disebut “Tazkiyyah”.

Cindekna, tazkiyyah teh nyaeta “wajibna hiji perkara pisah tina perkara anu sakuduna papisah”.

Conto anu sejenna tina tazkiyyah saperti wajib papisahna daki tina awak.

Anu dicarek teh lain pisahna, tapi “naon” jeung “naon” na anu kudu atawa teu meunangna misah. 

Saperti umpamana “pakean tina orat” ieu haram misahna. 

Mangka lamun urang nitenan kana ibadah nu bakal dilaksanakeun ku urang dina bulan romadlon isukan, sangkan ibadah saum ieu loyog sarta saluyu sakumaha diuningakeun dina Al-Quran surat Al-Baqoroh ayat 183, 

 یَـٰۤأَیُّهَا ٱلَّذِینَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَیۡكُمُ ٱلصِّیَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِینَ مِن قَبۡلِكُمۡ لَعَلَّكُمۡ تَتَّقُونَ 

nyaeta sangkan jadi jalma jalma anu taraqwa, tinangtu ibadah saum anu ku urang dilaksanakeun salila sabulan ieu, kudu mampuh pikeun misahkeun naon rupa perkara anu teu meunang aya dina jalma anu taqwa. Jadi lain wungkul ninggalkeun barang dahar, nginum atawa sapatemon jeung bojo dina waktu beurang.


***

Ustadz A. Maman Rahman




Posting Komentar untuk "Pare"