Nyapih


اعوذ بالله من السيطان الرجيم

 وَوَصَّیۡنَا ٱلۡإِنسَـٰنَ بِوَ ٰ⁠لِدَیۡهِ حَمَلَتۡهُ أُمُّهُۥ وَهۡنًا عَلَىٰ وَهۡنوَفِصَـٰلُهُۥ فِی عَامَیۡنِ أَنِ ٱشۡكُرۡ لِی وَلِوَ ٰ⁠لِدَیۡكَ إِلَیَّ ٱلۡمَصِیرُ

“Jeung Kami ngawajibkeun manusa (to’at) ka indung-bapana, indungna nu geus ngakandung manehna kalawan ripuh jeung beuki lila beuki ripuh, jeung (waktu) NYAPIH anakna teh dina jero dua taun. Prak geura muji syukur ka Kami jeung ka indung-bapa maneh, nya ka Kami geusan mulang.”

(Quran Surat Luqman: 14)

Ceuk dina  babasan urang  Sunda “ Indung tunggul rahayu, Bapa cukang darajat”. 

Dina hirup anjeun aya satengah nyawa nu jadi indung. Kabuktian nalika hiji indung ngalahirkeun anakna, waktu aya salah saurang tiantara dirina jeung anakna kudu disalamatkeun, mangka nu jadi indung rela masrahkeun hirupna keur kahirupan anakna.

Dina hiji kisah aya dua istri, maranehna masing masing ngaku salaku indungna, mangka Nabi Sulaiman mutuskeun yen ieu babayi rek dibagi dua, masing masing bakal meunang sabagian sewang.

Istri anu saurang setuju kana putusan Nabi Sulaiman, tapi istri anu saurang deui teu setuju, manehna leuwih hade lamun si bayi anu diparebutkeun tea dipasrahkeun supaya  diurus ku manehna, ku si penggugat tea.

Ahirna Nabi Sulaiman masrahkeun bayi teh ka  istri anu ka hiji. Kaputusan ieu dumasar lantaran moal aya hiji indung anu tega  nitilasan anakna sorangan.

Dumasar dua kanyataan anu tadi, bisa dihartikeun sakitu gedena kanyaah nu jadi indung kanu jadi anakna. Matak payus lamun disebutkeun yen dina hirupna hiji anak aya satengah nyawa nu jadi indung.

Di rorok timimiti orok nepika montok diaping beak beurang beak peuting, dirawat didama dama, dipupusti geus teu nolih kana diri sorangan dapon anak walagri diri waluya awak,  puputon kalbu, kembang mata panyileukan aya dina kabagjaan.

Teu karasa, waktu nyerelek, jabang bayi geus dua taun. Kacape, kasusah, karipuh nu jadi indung cacap taya waktu nu kalarung.

Awakna nu mohmoy pikalucueun, ngeusi keur muejeuhna nyoso nyusu ka indungna, aya parentah ti Alloh sangkan disapih, dipaksa leupas tina cisusu indung.

Nu disapih, tengah peuting ngear ceurik teu bisa sare lantaran lapar teu nyusu. Pon nyakitu deui indungna paranas tiris lantaran cisusuna teu kaluar, budak hareeng lantaran panas beuteung da can kaasupan nanaon anging cisusu indung.

Nu jadi indung lain ku tega megatkeun kani’matan, lain teu nyaah atawa teu karunya nyapih anakna, lantaran kitu lalakon hirup anu kudu diliwatan. Kudu ninggalkeun kani’matan pikeun ngahontal kani’matan anu leuwih sampurna, pikeun ngaronjatkeun diri leuwih ngarti kana harti anu sabenerna.

Kitu gambaran ibadah saum romadhon, NYAPIH diri tina kani’matan lahir pikeun ngahontal kani’matan kanyaah Alloh anu hakiki.

Mugi janten panggeuing ati panggugah manah kana kanyaah Alloh anu dititipkeun dina ibadah saum.

Cag dugi kadieu heula

Urang teundeun di handeuleum sieum geusan sampeureun, urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun, sampeureun mangsa datang.


***

Ustadz A. Maman Rahman

Posting Komentar untuk "Nyapih"